Thursday, September 23, 2010

kakara ngarasa aman...

Geus papada apal sarerea ge, yen Ki Ihan jeung aki si Saduy teh......sarua Aki-aki,,,
heueuh geus puguh eta mah,
nu rek di bahas teh ki Ihan jeung aki na si Saduy teh sobat ti leuleutik, keur ngora na ngalaman buburuh ngagali di kota, ngontrak hiji kamar ku duaan. Hirup nyobat, susah jeung prihatin.

Geus lila teu panggih.. Ayeuna ki Ihan ngahaja nganjang ka lembur aki na si Saduy nyeta ki Murdasim, kabeneran ki Murdasim keur anteng diuk dina bangku, nyanghareupan balong nu garing hasil usaha baheula na di kota.
Ki Ihan nyampeurkeun, langsung ngagabrug sono, ngobrol ngaler ngidul bari teu eureun seuseurian ngobrolkeun pangalaman jeung ki Murdasim sobat baheulana, ahirna ki Ihan ge nepi kana maksud utama dina obrolana...

''Sim,,, inget keneh baheula basa urang di kota? harita peuting peuting keur hujan gede, urang keur di kamar kontrakan, si Ibu randa nu boga kontrakan asup ka kamar urang rek milu sare??'' ceuk ki Ihan eureun seuri, bari paromananna serius.

''nya inget atuh, puguhan eta nu ku kuring hayang di obrolkeun deui jeung anjeun teh..!!'' tembal ki Murdasim semu ngaharewos.

''atuh ilaing inget keneh naon nu ku urang dilakonan harita jeung maneh na ??'' ki Ihan milu ngaharewos bari luak-lieuk ka tukang.

''heueuh atuh moal bisa poho, da eta pangalaman urang nu pangPentingna, sabab diharita urang duaan geus lain bujang deui...'' harewos ki Murdasim bari ngadeukeutan diuk na.

Ki Ihan:''Tah... Atuh ari kitu mah ilaing ge inget, naon omongan si Ibu kontrakan basa harita ??''

Ki Murdasim:''harita urang duaan samemeh 'KITU' jeung manehna teh, manehna pan ngomong kieu :*SUPAYA AMAN, MARANEH KUDU MAKE IEU..* kitu pan, bari harita teh ngasongkeun Kondom ka Urang..!!''

Ki Ihan:'' heueuh..tah eta pisan..!! Geus ampir 40 taun,,, sigana mah geus Aman meureun ayeuna mah... Kumaha mun ku urang dibuka wae atuh ??''

Ki Murdasim jeung Ki Ihan unggeuk, bari culang-cileung maranehna gura-giru muka kolor ngalaan Kondom nu masih dipake nepi kiwari....

0 komentar:

Post a Comment

Note: Only a member of this blog may post a comment.