Thursday, September 23, 2010

jodo nu panca kaki ???

cenah aya keneh Jodo nu nurutkeun kana panca kaki na, jadi aya kulawarga nu kawin teh ulah jeung batur, tapi kudu jeung dulur... Biasa na alesan na, cenah supaya raja kaya kulawarga teh teu ka sasaha, lamun nu boga usaha mah, nu nyekel usaha na turun temurun.
Keun da eta mah nu beunghar... Tapi aya oge kulawarga kalangan biasa oge geningan anu kitu. teuing alesana naon...kuring mah teu ngarti...

Kaalaman ku si Saduy basa harita meunang surat putus cinta ti nyi Iroh nu eusi na kieu...

''kang Aduy...ulah janten bendu ! Sanajan urang sami-sami mikanyaah, Iroh micinta kang Aduy! Tapi dalah kudu dikumahakeun ! Jangji pasini boa moal bisa ngajadi !..Lain Iroh teu nyaah ka akang! Tapi ...tali paranti karuhun...kang !!
Di kulawedet Iroh mah gulangkep, EMANG Iroh nikah sareng BIBI Iroh, AKI Iroh oge ngadahup ka NINI Iroh, atuh kitu deui BAPA apan nikah na teh ka EMA !Tah ari kang Aduy mah pan...lain baraya atawa dulur Iroh! Hampura kang Aduy !Iroh..hampura!!!!''

beuh....!!!

0 komentar:

Post a Comment

Note: Only a member of this blog may post a comment.