Friday, September 3, 2010

--- emang na tukang roti ---

Si Miun keur anteng lalajo bola pamajikanana nitah...
Dasar si Miun ari boga karesep teh embung diganggu...
Kieu caritana.......

>Nyai>'cik,kang pang gentikeun lampu nu di luar poek, sigana mah pegat'...
>Miun>'ih,ari si nyai teu ningali uing keur sibuk'...'emangna uing pagawe PLN'...
>Nyai>'nya atuh ari embung mah pangmenerkeun kran'... 'tuh di kamar mandi balocor'...
>Miun>'na...'ari si nyai'...'emangna uing tukang ledeng atawa pagawePDAM'...
>Nyai>'di titah itu ieu embung'...'nya nggeus,ngke mun kawarung meuli roko mihape meuli minyak tanah'...
>Miun>'beu,eta si nyai hayoh weh ngaganggu'..."EMANGNA UING PERTAMINA atawa tukang minyak??"...
(bari indit ka luar rek lalajo ka tatangga bongan diganggu wae)

'singkat carita si Miun balik lalajo jam 4 subuh ka imah,ningali lampu hurung, kran teu bocor tuluy jarigen minyak pinuh'.
Nanya kanu jd pamajikanna...
>Miun>'geuning geus bareres kabeh'...'di gawean ku saha'...Nyi...?
>Nyai>'bongan akang tadi kabur' jadi weh nyai ceurik di buruan'...'trus aya lalaki nu daek mantuan, ngan aya syaratna'...
>Miun>'naon syaratna'...???
>Nyai>'menta pang nyieunkeun bolu atawa sare bareung'...jeung Nyai.
>Miun>'atuh ku nyai di pangnyieunkeun bolu eta lalaki'...
>Nyai>''EMANGNA NYAI HOLLAND BAKERY" ceuk si nyai bari nyorongot...

0 komentar:

Post a Comment

Note: Only a member of this blog may post a comment.