Wednesday, September 29, 2010

-ranjang ajaib-

PAN ARI BAHEULA MAH IMAH LOLOBANA TEH MASIH KENEH PANGGUNG SOK RAJEUN HANDAPEUN IMAH TEH SOK DIPAKE KANDANG KEUR SATO KUKUTAN...

KACARITAKEUN Di WARUNGNA CEU ENTIN KEUR RAME NU NGAROPI...
SALAH SAHIJI ANU NGOPI DIDINYA NGARANNA TEH SI MIUN...
SABOT ETA SI MIUN KEUR NGOPI NINGALI LAMUN DI JEURO WARUNG AYA RANJANG AWI DI TULISAN ''REK DI JUAL''...
NGAN ETA RANJANG TEH CEUK NU BOGA WARUNG MAH AJAIB... PUGUH SI MIUN PANASARAN TULUY NGILIKAN ETA RANJANG BARI TATANYA KA CEU ENTIN...

>MIUN>"CEU,ARI IEU KA ISTIMEWAAN NA NAON MAKE JEUNG DI SEBUT AJAIB"...

>ENTIN>"ARI TEU PERCAYA MAH PEK WE COBAAN ATUH KANG"...

>MIUN>"TULUY KUMAHA CARA MAKENA"..."DA KAMI MAH ANGGEUR TEU PERCAYA"...

>ENTIN>"KIEU KANG,PAN ETA DI TENGAHNA TEH AYA NU BOLONG"..."TAH,BOBOGAAN AKANG ASUPKEUN KANU BOLONG ETA BARI NGADAPANG GEURA SOK"...

>MIUN>(MEAKEUN KU KAPANASARAN ETA SI MIUN LANGSUNG NGADAPANG BARI NGASUPKEUN BOBOGAAN NA KANA NU BOLONG TADI) "AIH,HEUEUH NGENAH NING CEU"..."NEUPI PEUPEUREUDEUYAN KIEU IEU TEH"...

>ENTIN>"ENYA KITU MATAK DI SEBUT AJAIB GE"...

>MIUN>"NYA,GEUS ATUH KU KAMI REK DI BELI"...
SINGKAT CARITA ETA RANJANG DI BEULI KU SI MIUN DI BAWA BALIK KA IMAHNA, SANGGEUS SI MIUN MANDI MANEHNA REK LELESON BARI REK NYOBA ETA RANJANG.
NAHA ETA MAH PAS NYOBAAN KAREK GE DI ASUPKEUN ETA BOBOGAAN SI MIUN. ARI GOROWOK TEH SI MIUN NGAGOROWOK SABAB BOBOGAANNA ASA AYA NU NGABINTIH. ARI SI HORENG TEH SI MIUN MAH NGUKUT HAYAM ANAKAN ARI CEU ENTIN MAH NGUKUT DOMBA ANAKN.
ATUH PUGUH WE ANAK DOMBA MAH NINGALI NU NOLOL TEH LANGSUNG NYUSU BEDA JEUNG HAYAM DISANGKANA ORAY BEDUL ETA NU NOLOL TEH LANGSUNG WEH DI PACOK...

-SUSIS-

Kacaritakeun dina hiji mangsa di karajaan lembur nyingkur, raja teh geus salempang ku kaayaan prajurit jeung rakyatna anu sieun
ku pamajikanana alias SUSIS tea
.
dina poe salasa minggu katiga Raja ngayakeun sayembara, Sing saha jalma anu khususna
lalaki anu geus rumah tangga
sing saha wae anu teu sieun ku pamajikana
bakal di bere hadiah sapi warna hideung
anu miluan tapi teu jadi jawara tetep meunang hadiah tapi hadiahna hayam kampUng kacaritakeun tina rebuan anu milu sayembara ngan aya hiji anu meunang hadiah saPi nyaeta urang caruy ngarana kang Jana ngan iwal manehna anu bener2 teu sieun ku pamajikanana
.
Sanggeus meunang hadiah ti Raja
kang Jana balik ka imahna bari nungtun sapi meunang hadiah tea
.
Jana :'' assalamualaikum nyi ieu akang meunang sapi hadiah ti raja
''
P,Jana : ''waalaikum salam kang aduh hebat c akang nya.''
Jana :'' beuh akang tea atuh ieu bati akang teu sieun ku pamajiKan teh aya hasilna oge lin
..?''
P, Jana :'' enya ngan hanjakal sapina warnana hideung, abdi mah teu resep kang... coba lamun warnana bodas leuwih hade kang..!!''
Jana : ''emang enya nya teu umum sapi hideung mah
''
P Jana : ''enya kang coba tukeurkeun atuh ka Raja menta nu bodas kitu...''
Jana :'' enya ke atuh urang tukerkeun..''

isuk-Isukna Kang jana balik deui ka istana niat rek ngahilikeun sapi hadiah tea
Jana :'' sampurasun Raja
''
Raja :'' aya naon maneh jana geuning balik deui
''
Jana :'' raja punteun ieu abdi bade nukeurkeun sapi, sabab pamajikan abdi teu resep kana sapi warna hideung mah mun tiasa mah bade di tukeurkeun kana sapi warna bodas
''
Raja :'' saha eta anu nitah nukeurkeun sapi
teh???''
Jana :'' pamajikan abdi nun
''
Raja :'' beuh ari kitu mah maneh teh SUSIS oge ningan...!! wayaHna sapi urang tukeurkeun kana hayam''
Jana :'' aduuuh enya nya " bari nepak tarang.
atuh Jana teh teu jadi mawa sapi teh kalah balikna mawa
hayam...beuh karunya teuing nya...hehehehe

''ajengan leungit manuk''

Ajengan Ja'i , katelah ajengan nu resep miara manuk, matak teu aneh mun unggal isuk Geus heheotan mawa ulin manuk ngarah disada. Mun kabeneran ningali mah,kadang manehna ngaheotan manuk bari ngagulung-gulung sarung na,teu karasaeun 'manuk' manehna oge milu unggut-unggutan katingali da sarung ngangkat ngagulung dina cangkeng.

Hiji mangsa manuk piaraan ajengan Ja'i aya nu maling, geus kadua kali na ajengan Ja'i kaPalingan manuk. Sabab kesel, Ajengan Ja'i boga niat, ieu masalah rek di bahas dina pangajian rotin di madrosah.

Dina pangajian, kabeneran harita mah giliran ngabahas ihwal 'katengtreman rumah tangga'. tapi Ajengan Ja'i nyempetkeun oge ngabahas hal-hal nu dilarang Agama conto na Maling. Geus ngabahas dina dalil, ngaler ngidul ceramah, pok weh Ajengan Ja'i mere pertanyaan ka jama'ah pangaosanna, nu geus jadi unek-unek di kamari. Nu maksud Hayang kapanggih,saha bangsat manuk manehna.

Aj.Ja'i :''cik ayeuna kuring naros.. saha wae nu ngagaduhan manuk ???
der, sakum jama'ah lalaki kabeh narangtung bari nyekelan kana sarung masing-masing. Ajengan Ja'i reuwas, 'sigana mah Dewek salah nanya' kitu gerentes hate na.

Aj. Ja'i:''aeh, maksad teh sanes eta.. Cik saha nu kantos ninggal atanapi nyo'o manuk..????''
ditanya kitu sakum jama'ah ibu-ibu narangtung bari nahan seuri semu era. Ajengan Ja'i geumpeur, da ngarasa geus salah deui nanya na,..

Aj. Ja'i:'' duh... Punten... Maksad teh sanes manuk eta... Tapi... Cik, saha nu kantos ninggal Manuk nu Simkuring..???''
Ditanya kitu, mimiti mah ngan saeutik nu nangtung bari era, teu lila kabeh jama'ah milu narangtung, celetuk salah saurang ibu nu ngaji ngomong bari semu era..:
''hapunten ajengan,abdi mah da teu ngahaja ngintip,mung kaleresan abdi ngalangkung waktos ajengan nuju moyan, eta sarung nu di anggo na suek.''
Gerr jama'ah kabeh sareuseurian... Ajengan Ja'i ngaleos teu pamit bari nutupan beungeut nu beureum siga beuleum beusi.

Tuesday, September 28, 2010

''JAKARTA TEULEUM 2030'' //cenah eta oge...

JAKARTA, ayeuna nu keur jadi wacana pang Aheng na, da cenah bakal beak ngalelep teuleum engke dina taun 2030...

Teuing naon alesan na, da ari ngadenge obrolan ki Ihan mah basa di tanya ku jang Saduy, cenah ayeuna di Kota Jakarta teh geus loba teuing Kandaraan, bangunan gedong - gedong bertingkat, taneuh na loba nu geus di aspal, tatangkalan geus jaradi batu. Nu ngakibatkeun Taneuh di Kota Jakarta geus teu kuateun nahan lantaran beurat, jeung deui jalma teu aya nu mikiran Atawa hayang ngeduk Laut sangkan lewih jero.

Ma'lum cicing di kampung nu can aya listrik - listrik acan... ngadenge berita oge ngan ceuk beja ti si Mi'un nu kabeneran boga baraya nu di gawe di kota. Saprak ngadenge berita kitu, ki Ihan jeung si Saduy beberengkes, niat nyusul baraya si Mi'un, nu ngaranna Murdasim.

Poe harita keneh ki Ihan jeung si Saduy indit ka imah si Mi'un, rek menta alamat Murdasim di Jakarta.

''REK KAMARANA KI, MENI SAGALA DI BAWA SIGA KORBAN BANJIR WAE IEU TEH??'' tanya si Mi'un.

''GEUS JANG MI'UN GE SAKALIAN MILU.. URANG NGUNGSI KA JAKARTA, SAKALIAN MILU DIGAWE KA MURDASIM..'' tembal Ki Ihan siga nu rurusuhan.

''KE...KE...KE... TEU SALAH IEU TEH?? NGUNGSI KA JAKARTA,?? NAHA CAN NGADENGE YEN JAKARTA TEH BAKAL BEAK NGALELEP TAUN 2030 ???'' Mi'un nembalan bari nyeungseurikeun.

''NYETA...JANG MI'UN....MEUNGPEUNG URANG BOGA KENEH WAKTU 20 TAUN DEUI, KEUR NYIEUN PARAHU NEPI KA TAUN 2030...DARI PADA URANG CICING DI DIEU NGAN NEPI KA TAUN 2012,??'' ceuk Ki Ihan bari pepeta siga nu enya.

''NYA, TAUN 2012 REK AYA NAON DI DIEU KI ???'' Mi'un kerung.

''HAR...ARI JANG MI'UN... YEUH,,,APAN CEUK ILAING TAUN 2012 TEH BAKAL AYA KIAMAT, BERARTI JAKARTA MAH ACAN, PAN 2030 GE KAKAREK TEULEUM KU CAI....!!!''

Mi'un : ''##*+<ô_ô>????!!!#&&'?##''

kacanduan judi

Memang mun jalma geus nyandu kana Judi, sagala cara ge dilakonan asal bisa maen judi. Neangan lawan, malahan mun euweuh-euweuh teuing lawan mah, sendal pegat ge ditoelan di ajak maen judi.

Di mimiti maen kartu, judi togel, maen bola sagala kudu dipake judi..euweuh euweuh teuing nu bisa dijieun keur maen judi nepi ka beurit reuneuh ge di tungguan, da taruhan jumlah anak na nu bakal kaluar, ari pamajikan rek ngajuru mah di antep.

Siga si Odoy,najan pangangguran jelema na geus teu bisa leupas di judi. Hiji waktu indit ka Bank di anteur ku Saduy, rek ngadeposit duit nu jumlahna saratus juta. Sabab Direktur Bank (D.B) curiga kana duit nu rek distorkeun, nya ditanya si Odoy ge perkara asal-usul eta duit,diruangan husus direktur. Saduy ngadagoan diruang tunggu, da ukur nganteur cenah.

(D.B):''punten Pa,,sanes curiga atanapi teu percaya..bapa gaduh artos, mung ieu mah prosedur..yen saya kudu nyaho asal na ieu duit.''

Odoy:''oh...ieu mah artos bati judi, pa..!!''

(D.B):''judi naon? Nepi ka loba kieu?''

Odoy:''nya ari judi na mah naon we, conto na kieu.. Abdi wantun taruhan 10 juta kanggo bapa,lamun tebakan abdi nyalahan.''

(D.B):''rek nebak naon kitu??

Odoy:''ceuk abdi,panjang gagaduhan Bapa moal langkung ti opat senti,pami langkung ti opat senti...mangga 10 juta kanggo bapa..''

(D.B):''ah, ari kitu mah tebakan bapa salah.tah geus, 10 juta milik saya.''

Odoy:'' ke heula... Abdi hayang ngabuktikeun heula,mun tebakan abdi salah mah,,supados aya saksi, batur abdi si Saduy titah nyaksian, sakumaha panjang bobogaan bapa.''

(D.B):''muhun mangga lah..''

kurunyung Saduy asup ka ruangan husus eta, direktur Bank langsung morosotkeun calana na ngarah kanyahoan ku Saduy jeung Odoy, yen Bobogaan manehna lewih ti 4 cm.

Odoy:''punten pa, ku abdi bade di ukur nganggo jidar..sakedap..kumaha?''

(D.B):''mangga..!'' bari atoh rek meunang duit,direktur ngasongkeun bobogaan na ka Odoy.
odoy ngarawel bobogaan direktur bari di jidaran,maksud rek di ukur.

si Saduy katinggali nepakan tarang, sakapeung ngadagor-dagor tarang kana tembok.

(D.B):''naha pa Saduy kalakah dadagor tarang kana tembok eta teh??''

Saduy:''aduuuuh...paaaaa...,ari kieu mah... Abdi eleh 30 juta ku si Odoy..pan abdi taruhan mun si Odoy bisa nyo'o bobogaan bapa,abdi mayar 30 juta ka manehna.'' bari tuluy ngadagor-dagor sirahna.

Thursday, September 23, 2010

murdasim berobat ka dokter spesialis

MURDASIM BEROBAT KA
DOKTER SPECIALIS
KELAMIN...
>MURDASIM>:"PUNTEN
DOK IEU GAGADUHAN
DOK"...
>DOKTER>:"ENYA
KUNAON
GAGADUHANNA" (CEUK
PIKIRNA DOKTER PASTI
HAYANG DI GEDE AN
PARABOTNA)
>MURDASIM>:"NYETA
DOK"...(BARI RADA ERA)
>DOKTER>:"HEUEUH
MINGGEUS GANCANG
KUNAON"..."SOK GEURA
BUKA CALANANA TONG
ERA ERA"...
>MURDASIM>:(MUKA
CALANA NEMBONGKEUN
PARABOTNA)
>DOKTER>:"HAHAHAHA"...
(SEURI NINGALI
PARABOTNA SAGEDE
PATLOT 2 B)...
>MURDASIM>:"NAHA SEURI
DOK"...
>DOKTER>:"AH,HEUNTEU"..."TULUY
KUMAHA MAKSUDNA
HAYANG DI GEDE AN"...
>MURDASIM>:"AH,SANES
DOK"..."JUSTRU KURING
BEROBAT TEH TOS SA
MINGGON IEU BOBOGAAN
KURING TEH BAREUH"...
>DOKTER>:"WUAHAHAHAHAHAHAHAHAHA"...

nyeri kulit beuteung

Keur anteng nyaro'o hape muka pesbuk, Aduy nyarita ka Dombreng nu katinggali keur camberut pedah peuting teu di bere tulak, da bongan anteng ulin di kandang domba nepi balik kapeutingan...

''breng, sok cobaan buka carita grup nu Burung,,dijamin gera nyeri kulit beuteung,,, kamari ge si Odoy nepi ka gogorentelan bari nyekelan beuteung tos maca carita ieu mah'' ceuk aduy bari nempo keun carita bodor dina hape na.
''cik carita naon,'??'' ceuk dombreng bari angger baeud.

''Yeuh kieu carita na mah '' :
__________________________________________________
**kamari basa panggih jeung awewe geulis, si Mi'un ngadadak hayang kenalan, sugan we bisa keur di jadikeun kabogoh... Nya inget weh kana papagah ki Ihan :''mun hayang kenalan jeung awewe, mimiti na mah sok tanya,,boga dongkrak teu? da jarang awewe mawa dongkrak mah, mun ngajawabna teu boga.. Tanya deui... Ari nomer hape mah gaduh panginten?? Pasti ngajawab gaduh,,tah penta nomer hape na...ari geus mere nomer hape mah, bisa pan sms an atw nelepon...
Si Mi'un(M) mulai ngawani-wani nanya ka eta awewe geulis(AG),

M:'' teh, gaduh dongkrak ???''
AG:'' gaduh, bade nu panjang atanapi pondok??''
M:''pami konci pas gaduh teu??''
AG:'' aya, bade hijian atanapi nu sa set ??''

si Mi'un ngahuleng, neangan deui pertanyaan nu maneh na bakal ngajawab ''teu gaduh''.
M:''gaduh ban serep teu??''
AG:'' aya... Kanggo mobil naon pa? Merk na nganggo naon..sadayana kumplit..''

si Mi'un mulai kesel,pikirna geus we rek langsung nanyakeun nomer hape weh..da gening sagala gableg wae...!
M:''dupi ari nomer hape gaduh??''
AG:''kantenan atuh, mangga ieu kartu nama abdi, aya nomer hape na.. Bilih bapa peryogi onderdil atanapi alat2 bengkel, kaleresan abdi sales di toko Sparepart kandaraan..tah ayeuna bapa bade peryogi naon??''

si Mi'un gancang ngaleos da puguh sieun titah meuli konci, bari na oge tong boro mobil, sapedah butut oge teu gableg..***
__________________________________________________
''tah... Rame teu breng??'' ceuk Aduy.
''mana pikaseurieun nu nepi ka nyeri kulit beuteung na??'' tembal Dombreng bari kerung jeung angger baeud.
''aeh, poho kamari si Odoy sanggeus maca ieu ku dewek di jembel beuteung na'' ceuk Aduy bari ngajembel kulit beuteung Dombreng satarikna...

''aaaawwwww....!!!'' dombreng gogorentelan di jembel beuteung na ku Aduy..

''tuh pan nyeri kulit beuteung nya??'' ceuk Aduy bari tuluy ngaleos...

jodo nu panca kaki ???

cenah aya keneh Jodo nu nurutkeun kana panca kaki na, jadi aya kulawarga nu kawin teh ulah jeung batur, tapi kudu jeung dulur... Biasa na alesan na, cenah supaya raja kaya kulawarga teh teu ka sasaha, lamun nu boga usaha mah, nu nyekel usaha na turun temurun.
Keun da eta mah nu beunghar... Tapi aya oge kulawarga kalangan biasa oge geningan anu kitu. teuing alesana naon...kuring mah teu ngarti...

Kaalaman ku si Saduy basa harita meunang surat putus cinta ti nyi Iroh nu eusi na kieu...

''kang Aduy...ulah janten bendu ! Sanajan urang sami-sami mikanyaah, Iroh micinta kang Aduy! Tapi dalah kudu dikumahakeun ! Jangji pasini boa moal bisa ngajadi !..Lain Iroh teu nyaah ka akang! Tapi ...tali paranti karuhun...kang !!
Di kulawedet Iroh mah gulangkep, EMANG Iroh nikah sareng BIBI Iroh, AKI Iroh oge ngadahup ka NINI Iroh, atuh kitu deui BAPA apan nikah na teh ka EMA !Tah ari kang Aduy mah pan...lain baraya atawa dulur Iroh! Hampura kang Aduy !Iroh..hampura!!!!''

beuh....!!!

kakara ngarasa aman...

Geus papada apal sarerea ge, yen Ki Ihan jeung aki si Saduy teh......sarua Aki-aki,,,
heueuh geus puguh eta mah,
nu rek di bahas teh ki Ihan jeung aki na si Saduy teh sobat ti leuleutik, keur ngora na ngalaman buburuh ngagali di kota, ngontrak hiji kamar ku duaan. Hirup nyobat, susah jeung prihatin.

Geus lila teu panggih.. Ayeuna ki Ihan ngahaja nganjang ka lembur aki na si Saduy nyeta ki Murdasim, kabeneran ki Murdasim keur anteng diuk dina bangku, nyanghareupan balong nu garing hasil usaha baheula na di kota.
Ki Ihan nyampeurkeun, langsung ngagabrug sono, ngobrol ngaler ngidul bari teu eureun seuseurian ngobrolkeun pangalaman jeung ki Murdasim sobat baheulana, ahirna ki Ihan ge nepi kana maksud utama dina obrolana...

''Sim,,, inget keneh baheula basa urang di kota? harita peuting peuting keur hujan gede, urang keur di kamar kontrakan, si Ibu randa nu boga kontrakan asup ka kamar urang rek milu sare??'' ceuk ki Ihan eureun seuri, bari paromananna serius.

''nya inget atuh, puguhan eta nu ku kuring hayang di obrolkeun deui jeung anjeun teh..!!'' tembal ki Murdasim semu ngaharewos.

''atuh ilaing inget keneh naon nu ku urang dilakonan harita jeung maneh na ??'' ki Ihan milu ngaharewos bari luak-lieuk ka tukang.

''heueuh atuh moal bisa poho, da eta pangalaman urang nu pangPentingna, sabab diharita urang duaan geus lain bujang deui...'' harewos ki Murdasim bari ngadeukeutan diuk na.

Ki Ihan:''Tah... Atuh ari kitu mah ilaing ge inget, naon omongan si Ibu kontrakan basa harita ??''

Ki Murdasim:''harita urang duaan samemeh 'KITU' jeung manehna teh, manehna pan ngomong kieu :*SUPAYA AMAN, MARANEH KUDU MAKE IEU..* kitu pan, bari harita teh ngasongkeun Kondom ka Urang..!!''

Ki Ihan:'' heueuh..tah eta pisan..!! Geus ampir 40 taun,,, sigana mah geus Aman meureun ayeuna mah... Kumaha mun ku urang dibuka wae atuh ??''

Ki Murdasim jeung Ki Ihan unggeuk, bari culang-cileung maranehna gura-giru muka kolor ngalaan Kondom nu masih dipake nepi kiwari....

Friday, September 3, 2010

~ SAMBEL TARASI KHAS ~

Si Mi'un jeung si Saduy sosobatan dileuleutik, di keur
meumeujeuhna nongtot leho, nepi ka ayeuna geus gede ge
angger nongtot leho. Kamamana ulin atawa neang pi usahaeun
teu weleh duduaan... Lir ibarat peueut jeung amisna, atawa
tarasi jeung bau na, kawas cabe jeung lada na, uyah jeung
asinna, komo mun make bonteng,jambu aer,atawa gedang
ngora mah kacipta we seger na rujak tengah poe,,, geus heula
da lain rek ngajak ngarujak tadi na oge..

Tisaprak buburuh ngangon munding nu ki Ihan, sapopoe dua
an sobat ieu pangulinan ngan di sawah, dahar ngaliwet
balakecrakan di saung nu aya di sawah tempat ngangon... tapi
sanajan dahar unggal poe di saung nu ki Ihan di tengah sawah,

Bari ngangon, nungguan munding,,, der we saduy jeung Mi'un
ngalaliwet, jeung beuleum asin, beuleum peuteuy, teu kaliwat
sambel tarasi pangaresep si Saduy.

Asak liwet, Asin jeung sambel.. Bru wae sangu jeung sambel
mah di tamplok keun kana daun cau nu geus diamparkeun ku si
Mi'un. Der dalahar liwet dina amparan daun cau.

Satengahing nikmat na dahar, bari nenjo pamandangan sawah,
ngalimed duaan kana sangu liwet, beuleum asin, peuteuy nu
tuluy di cocol kana sambel tarasi dina daun cau tadi...
si Saduy ujug-ujug ngaburakeun sangu nu keur di gayem, bari
ngelel..pek ciciduh hareupeun si Mi'un, puguh letah na asa
renyem semu pait katambah aya rasa semu ateul kana letah.
si Mi'un nu keur ngalimed dahar Tuluy eureun nyapekna, reuwas.
si saduy mencrong sambel tarasi dina daun cau,nu kakara di
cocol ku peuteuy. Sihoreng eta daun cau teh soeh, da tuluy di
cocolan bangun sumanget dahar nikmat. Panasaran si saduy
nyingkabkeun daun cau nu di pake tilam dahar. Sanggeus daun
cau disingkirkeun, sihoreng sambel tarasi nu di coelan dina daun
cau teh dihandapna aya Tai Munding. lila lila dicoelan, daun cau
soeh...meureun si Saduy haben wae nyocol peuteuy kana
Timund...

''Jadol...paingan sambel teh beuki lila teh asa lain...jadi semu pait
jeung ateul...''

--- emang na tukang roti ---

Si Miun keur anteng lalajo bola pamajikanana nitah...
Dasar si Miun ari boga karesep teh embung diganggu...
Kieu caritana.......

>Nyai>'cik,kang pang gentikeun lampu nu di luar poek, sigana mah pegat'...
>Miun>'ih,ari si nyai teu ningali uing keur sibuk'...'emangna uing pagawe PLN'...
>Nyai>'nya atuh ari embung mah pangmenerkeun kran'... 'tuh di kamar mandi balocor'...
>Miun>'na...'ari si nyai'...'emangna uing tukang ledeng atawa pagawePDAM'...
>Nyai>'di titah itu ieu embung'...'nya nggeus,ngke mun kawarung meuli roko mihape meuli minyak tanah'...
>Miun>'beu,eta si nyai hayoh weh ngaganggu'..."EMANGNA UING PERTAMINA atawa tukang minyak??"...
(bari indit ka luar rek lalajo ka tatangga bongan diganggu wae)

'singkat carita si Miun balik lalajo jam 4 subuh ka imah,ningali lampu hurung, kran teu bocor tuluy jarigen minyak pinuh'.
Nanya kanu jd pamajikanna...
>Miun>'geuning geus bareres kabeh'...'di gawean ku saha'...Nyi...?
>Nyai>'bongan akang tadi kabur' jadi weh nyai ceurik di buruan'...'trus aya lalaki nu daek mantuan, ngan aya syaratna'...
>Miun>'naon syaratna'...???
>Nyai>'menta pang nyieunkeun bolu atawa sare bareung'...jeung Nyai.
>Miun>'atuh ku nyai di pangnyieunkeun bolu eta lalaki'...
>Nyai>''EMANGNA NYAI HOLLAND BAKERY" ceuk si nyai bari nyorongot...