Friday, August 13, 2010

-ngalatih ucing-

Carita basa Ki Ihan jadi pelatih hewan peliharaan di kota,
manehna gawe sapopoe ngalatih sato piaraan urang kota di
tempat penitipan hewan, sato nu dilatih rupa rupa, dimimiti
gogog, ucing , monyet jeung sajabana.
Hiji waktu si Mi’un mawa Ucing na supaya di latih ku Ki Ihan,
sabab si Mi’un geus kesel, aral da eta Ucing mun miceun, atawa
ngompol sok dimana wae, geus dina sofa tamu, komo dina
kasur maneh na mah sering pisan miceun.
Saminggu lilana eta Ucing di didik ku ki Ihan sangkan disiplin
jeung nyaho tempat dimana manehna kudu miceun atawa
ngompol. Geus nurut eta Ucing di balikkeun deui ka si Mi ’un.
“ MANGGA TAH UCING TEH GEUS NURUT AYEUNA MAH, MOAL
MICEUN DIMANA WAE..” ceuk ki Ihan ngayakinkeun ka si Mi’un.
Nya dibawa balik weh ku si Mi’un…
Tapi ukur kuat tilu poe si Mi’un gancang mawa deui Ucingna ka
Ki Ihan.. protes carita na mah.
“NAHA DI BAWA DEUI KADIEU?? AYA NU KURANG ??” Tanya ki
Ihan .
“ UING KADIEU REK PROTES, !!” tembal si Mi’un.
Ki Ihan : “ NAHA BET KUDU PROTES, PAN AYEUNA MAH UCING
NA TOS NURUT, TEU MICEUN SEMBARANGAN…GEUS DISIPLIN
DIDIEU MAH.”
Mi’un : “ MEMANG UCING TEH AYEUNA MAH GEUS TARA
MICEUN DIMANA WAE, TAPI MUN GEUS ASUP KA WC, SOK
LILA.. NEPI KANA DUA JAM TILU JAM NA … DA ETA BARI
MICEUN DI TOILET UCING NA SOK BARI UDUD JEUNG
MESBUK …”

0 komentar:

Post a Comment

Note: Only a member of this blog may post a comment.