Friday, August 13, 2010

-teknik ngala belut-

kahatur dulur nu resep ngala belut, aya sababaraha trik jitu
titipan Ki Ihan, kanggo urang supados gampil, tur hasil ngala
belut mucekil...

salian ti ngurek, atanapi di setrum (cara lama), aya deui tehnik
ngala belut nu hade. diantawisna :

1.NAKOLAN MANGKOK DI SISI GALENGAN SAWAH ATANAPI
BALONG.
trik ieu lumayan jitu,kabuktosan ku ki Ihan basa nakolan
mangkok ku sendok di sisi balong/sawah, belutna kalaluar
marawa mangkok. marukan tukang baso ngaliwat...kantun
diwadahan we belut nu nuju antri meser baso na.

2.NGAWURKEUN LEBU, ABU GOSOK, ATANAPI TIPUNG KA
GALENGAN SAWAH ATANAPI BALONG.
trik ieu oge sae, mung rada karunya ka belutna, kalaluar menta
pang niupkeun mata na nu kapeureungpeunan...bari niup mata
belut, asupkeun we belutna kana wadah.

3.NGADAMEL STATUS FACEBOOK DI TENGAH SAWAH BALONG.
ieu ge lumayan gampil, mung hasilna teu seueur teuing, margi
belut nu sok fesbuk an teu acan sadayana, eta oge pami belut na
tos berteman sareng urang, nu kaluar masihan koment atanapi
jempol...nu matak cing seueur nga-add belut, teras ngadamel
status weh nu hade.

4.NGADAMEL PACILINGAN DI SAPANJANG GALENG / SISI
BALONG.
maksad na tiap aya nu miceun, pami pameget nu miceunna
belut kalaluar da nyangka na aya batur nu nyampeur,kantun
newak pan tos kaluar mah.
pami istri nu nongkrong na, belut ge langsung kaluar.. belut
bikang mah nyangka liang anyar,ngan biasa na mah nu kaluar
belut jalu, kalaluar bari tos jegreg/hareuras.
tapi awas, belut jalu nu cunihin mah sok langsung lebet
norobos liang, tapi ulah hariwang, cara ngaluarkeunna mah
kantun ngaminyak gorengan we sareng bumbu, antosan sajam
oge kaluar tumis belut...
.....
...WILUJENG NYOBIAN...

~NGALONGOK INCU~

Di hiji leumbur kacaritakeun aya hiji kajadian nu
ngageunjleungkeun sa eusi leumbur nyaeta aya peristiwa
saurang lalaki nu geus kolot bisa di sebut aki aki, merkosa
minantuna nu keur geude beuteung alias hamil...

Ngan nyeta aya ku anehna eta aki aki beut di lepaskeun deui ku
masyarakat di leumbur eta...
Atuh puguh weh wartawan ti kota daratang ngadenge kitu teh,
rek ngaliput kunaon beut bisa kitu...

Singkatna carita wartawan geus ngagimbung di hareupeun
kantor desa nungguan juru bicara nu rek di wawancara
ngeunaan naon aleusanna eta aki aki teh beut teu di hukum...
Teu kungsi lila aya nu kaluar wawakil ti perangkat desa nu rek
ngajeulaskeun ka wartawan kajadian nu sabeuneurna...

"SIMKURING PERWAKILAN TI WARTAWAN BADE TUMAROS
KA BAPA SALAKU SESEPUH DI IEU LEUMBUR"..."NAHA ETA AKI
-AKI NU JELAS JELAS SALAHNA NAHA BEUT BISA TEU DI
HUKUM"..."NAON ALESANNA"...?

"NYETA SIMKURING ATASNAMI SESEPUH DI DIEU GE NGARAOS
BINGUNG"...

"NAHA BEUT BINGUNG"..."PAN TOS JELAS LAMUN ANU
MERKOSA TEH KEUDAH DI HUKUM SOK SANAJAN AKI-AKI
GE"...

"ATUH PUGUH LEUREUS PISAN ARI KU KITU NA MAH"..."TAPI
DA ETA AKI AKI GE GADUH ALESAN ANU KUAT"...

"NAON,CEUNAH ALEUSANNA"...?

"NYETA ETA AKI AKI TEH NYARIOS LAMUNNA TEU AYA
MAKSUD MERKOSA"..."NAMUNG ANJEUNNA MAH MUNG
SAUKUR HOYONG NGALONGOK INCU"..."NAHA SALAH
KITU"...?
INCU INCU MANEHNA,PIRAKU DI ULAHKEUN ATAWA
NYAREK...KOMO DEUI NGAHUKUM MAH"...!

Bingung pan...piraku ngalongok incu sorangan di
hukum...heuheu.....

-bahasa sato-

Hiji mangsa ki Ihan rek Nagih bayaran ka si Mi’un, urut biaya
pelatihan Ucing tea,,,
Ki Ihan ngajugjug ka imah si Mi’un, geus nepi di hareupeun
imah si Mi’un, kasampak aya Gogog si mi’un nu ngajaga imah
keur nagog di lawang Panto.

Ki Ihan langsung nanya ka eta Gogog, ma’lum Gogog pinter
hasil didikan ki Ihan oge sabulan katukang.

“Bleki… mana dunungan maneh ???” Tanya ki Ihan ka Gogog nu
di aranan si Bleki eta.
Si Bleki ulugag euleugeug ka jero imah,nandakeun dunungan
na (si Mi ’un) aya di jero.

“ooohhh.. Aya di Jero ??? ki Ihan nuluykeun nanya.
Si Bleki unggeuk – unggeukan , nandakeun ngajawab heueuh
aya.

“bejakeun atuh aya dewek didieu kituh” ceuk ki Ihan bari
tutunjuk kajero imah.
Si Bleki ngadon gigideug,

“ heuh… sok tempo kajero, keur naon dunungan maneh…??
''

Si Bleki ngingkig ka jero imah, tuluy asup ka kamar dunungan
na da apal si Mi ’un aya di kamar jeung dunungan istri.
Teu lila si Bleki balik deui kaluar nepungan ki Ihan, nu ngadagoan
dina teras.

“ keur naon dunungan maneh di jero ??” Tanya ki ihan.

Si Bleki ngahuleng sakeudeung, geus kitu si Bleki elel elel an,
letah na kaluar bari ngos – engosan siga nu cape, tuluy
ngagoler, nangtung deui, depa, nangtung deui bari tuluy ngelel
jeung engos –engosan.

“heup-heup-heup… geus tong dituluykeun,dewek ge rek balik
deui meungpeung pamajikan dewek ge aya di imah… bejakeun
we tadi aya dewek. Kadieu” ceuk ki Ihan bari tuluy ngaleos
rusuh....

-ngalatih ucing-

Carita basa Ki Ihan jadi pelatih hewan peliharaan di kota,
manehna gawe sapopoe ngalatih sato piaraan urang kota di
tempat penitipan hewan, sato nu dilatih rupa rupa, dimimiti
gogog, ucing , monyet jeung sajabana.
Hiji waktu si Mi’un mawa Ucing na supaya di latih ku Ki Ihan,
sabab si Mi’un geus kesel, aral da eta Ucing mun miceun, atawa
ngompol sok dimana wae, geus dina sofa tamu, komo dina
kasur maneh na mah sering pisan miceun.
Saminggu lilana eta Ucing di didik ku ki Ihan sangkan disiplin
jeung nyaho tempat dimana manehna kudu miceun atawa
ngompol. Geus nurut eta Ucing di balikkeun deui ka si Mi ’un.
“ MANGGA TAH UCING TEH GEUS NURUT AYEUNA MAH, MOAL
MICEUN DIMANA WAE..” ceuk ki Ihan ngayakinkeun ka si Mi’un.
Nya dibawa balik weh ku si Mi’un…
Tapi ukur kuat tilu poe si Mi’un gancang mawa deui Ucingna ka
Ki Ihan.. protes carita na mah.
“NAHA DI BAWA DEUI KADIEU?? AYA NU KURANG ??” Tanya ki
Ihan .
“ UING KADIEU REK PROTES, !!” tembal si Mi’un.
Ki Ihan : “ NAHA BET KUDU PROTES, PAN AYEUNA MAH UCING
NA TOS NURUT, TEU MICEUN SEMBARANGAN…GEUS DISIPLIN
DIDIEU MAH.”
Mi’un : “ MEMANG UCING TEH AYEUNA MAH GEUS TARA
MICEUN DIMANA WAE, TAPI MUN GEUS ASUP KA WC, SOK
LILA.. NEPI KANA DUA JAM TILU JAM NA … DA ETA BARI
MICEUN DI TOILET UCING NA SOK BARI UDUD JEUNG
MESBUK …”