Wednesday, July 14, 2010

-mi'un sang pembalap-

Kacaritakeun si Miun ngabonceng kabogohna peuting peuting...
Dasar si Miun pupujieun ngajalankeun motor teh siga si Rossi
pembalap urang singaparna tea ningan...
Pas dina poek dikajauhan ti arah berlawanan katingali dikenca
jeung katuhu aya lampu...
Ceuk pikirna ku aing rek digawean siah...motor di gas satarikna
nyokot jalan tengah puguh weh batur teh nyaringray
nyaruksruk kana solokan...
'Aing rek dilawan'ceuk si Miun bari ngajago hareupeun
kabogohna...
Teu kungsi lila si Miun manggih deui siga nu tadi dikajauhan
katingali aya lampu dua kenca katuhu...
'Ku aing dilayanan deui siah'bari ngagas satarikna nyokot jalan
tengah...
Na ari pas tinggal salengkah deui ari sihoreng mobil kontener
..
rek mundur teu bisa, mengkol teu bisa dasar si Miun angger
weh ngajago bari ngomong 'kontener
dilawan'...
'BRAAAAAK'...tabrakan...

0 komentar:

Post a Comment

Note: Only a member of this blog may post a comment.