Thursday, July 29, 2010

- nuju 'M' -

Si miun balik gawe tas ngaleumbur rurusuhan ka imah geus teu
kuat hayang sosonoan jeung pamajikanna...
Pas geus siap masang kuda kuda pamajikanna ngomonG lamunna keur "M"...
Puguh weh si miun asa handeueul bari jeung keuheul si miun
indit deui rek neang palampiasan di luar...

Singkatna carita manehna geus neupi taman kota...
Culang cileung teu manggih sasaran manehna rek balik deui di
jalan manggih bencong...
Ceuk pikirna tibatan heunteu pisan bencong ge rek di eumbat
weh nu penting kasalurkeun...
Si miun tuluy nyampeurkeun eta bencong nu keur leumpang
rek di ajak ku manehna teh...
Ari pek tek si bencong kalahkah nolak...
"maaf bang aku lagi "M"...

"oh,keur "Maleus" nya"...

"bukan bang"...

"piraku keur "Menstruasi" mah"...

"oh,bukan juga bang"..."tapi eike lagi "Mencret"..."emangnya
abang mau".....bari ngabeucir lumpat nyeupeungan beuteung.
...........

Monday, July 26, 2010

- pamikat manuk -

Kungsi ki Ihan boga pangaresep ngala manuk ka leuweung… cara ngala na make kurung pamikat..
Tengah poe ereng-erengan ki Ihan turun ti leuweung, kesang ngoprot leungeuna ngajingjing kurung pamikat nu eusi na ngan aya hiji manuk pamikatna.
Gek ki Ihan ngaso di hiji warung di sisi leuweung. Nu boga Warung nyeta Nini Matnasih gancang nyuguhan cai nginum,, di gigireun diuk neng Ejot Parawan tingting, ABG nu keur meujeuhna cumentil.
Neng Ejot nanya ka Ki Ihan

Neng Ejot : “ ti mana ki meni siga nu cape ??”

Ki Ihan : “ nyeta Neng, tos di leuweung, mikat manuk ngan teu hahasilan.. siganamah manuk pamikatna teu bias mikat manuk sejen..” bari ngelapan kesang ku kekesed.

Neng Ejot : “ beu… atuh mikat manuk mah babari, teu kudu make manuk pamikat sagala..”

Ki Ihan : “ babari ?? kumaha carana kitu ??” bari mencrong neng Ejot panasaran

“ hayu ku Neneng urang pangmikatkeun “ ceuk Neng Ejot bari nungtun leungeun ki Ihan ngajak ka leuweung.
Sabot nyieun kopi Nini Matnasih ge ngadenge-eun obrolan ki Ihan jeung Neng Ejot. Nya bari keketeyepan manehna nuturkeun ka leuweung.

Nepi ka leuweung, neng Ejot langsung wae naek kana tangkal nangka bari mawa kurung pamikat ki Ihan, ki Ihan nungguan di handap. Neng Ejot nu keur di luhur tangkal mukakeun calana na, pek cingogo siga nu keur kahampangan. Angin nu ngahiliwir niup bobogaan neng Ejot nepi kadisadana siga suling..
“Sssuuiuiuiiiiiiiittttt….” Kitu kira-kira sora na mah.
Teu kungsi lila manuk cing geleber areunteup kana dahan nu keur dicicingan neng Ejot. Hiji hiji manuk asup kana kurung pamikat. Harita Ki Ihan balik bari beubeunangan manuk loba.

Nini Matnasih nu titatadi nyempod dina rungkun, tinggal sorangan. manehna hayang nyobaan mikat manuk siga neng Ejot tadi, galacang Nini Matnasih naek kana tangkal nu tadi. Langsung bae Nini Matnasih ngalaan sarung na, gek cingogo bubulucun. Angin nu ngahiliwir niup bobogaan Nini Matnasih nepi ka disadana NGAGELEBER… “BRRWRRWRWWRRRRRWRRRKKK..” kitu kira kira sora na mah da ma’lum nini nini atuh nya.
Teu kungsi lila nyampeurkeun hiji Maung lapar di handap tangkal hareupeun Nini Matnasih.

bakating ku reuwas nini Matnasih ragrag ka hareupeun maung pisan. Maung gumetap,nini Matnasih gancang ngadu’a rada tarik..
“ nun Gusti… mugia ieu maung teh bageur tur Soleh…” bari ngaderegdeg nini Matnasih jajampean.

Maung nu geus teu kuat lapar ngadenge-eun kana do’a nini, bari ngadeukeutan maung ge milu ngado’a : “ Allohumabariklana fima rozaktana……………………………………….”

Thursday, July 22, 2010

~KEJUJURAN~

02 Juni jam 14:34


Kacaritakeun si miun keur ngala suluh di leuweung...
Sabot keur narokan tangkal eta kampak lesot tina gagangna ngacleung tuluy tigeujeubur kana jeuro setu nu aya di tengah tengah leuweung eta...
Si miun ceurik sedih lantaran kalengitan barang nu paling berharga bagi manehna...kusabab kampak teh mun di ibaratkeun nyawa ka 2 jang manehna mah...
Si miun bari ceurik nga du'a menta menta ka dewa sangkan kampakna bisa balik deui...
Teu kungsi lila jol turun aya utusan di kayangan rek nulungan si miun...

"KUNAON ILAING CEURIK AYA NAON IEU TEH"

"MUHUN GAN KURING SEDIH MARGI KAMPAK BOGA SIMKURING MURAG KA JEURO SETU"...

"OH, KITU GEUNING MASALAHNA"... "DAGOAN AING REK NYEULAM HELA KU AING REK DI PANGNYOKOTKEUN MANEH BOGA KAMPAK"

Gejebur eta utusan dewa teh asup ka jeuro setu teu kungsi lila geus jeubul deui bari mawa kampak emas...

"IEU,LAIN KAMPAK ILAING TEH"...

"OH,SANES GAN"...

Gejebur deui asup ka setu tuluy jeubul deui mawa kampak dina perak...

"IEU,MEUREUN NYA KAMPAK ILAING MAH"...

"DUH,ETA GE SANES GAN"..."DA KAMPAK SIMKURING MAH BUTUT JEUNG TINA BEUSI"...

Gejebur asup deui ka setu nu ka tilu kalina jeubul deui bari mawa kampak tinu besi...

"TAH,IEU LAIN BOGA ILAING TEH"...

"AEH,MUHUN PISAN GAN"...BARI ATOH PISAN

Kulantaran si miun jujur eta kampak emas jeung perak ge di bikeun ka si miun teh bati kajujuranna...

Sabulan tiharita si miun ulin jeung pamajikanna ka eta setu bari ngadongengkeun kampak anu murag tea ka pamajikanna teh...
Dasar pamajikanna teu ati ati pas lempang gigireun setu tikosewad tuluy labuh tigujubar asup ka jeuro setu...
Si miun ceurik gogorowokan menta tulung tuluy nga du'a sangkan pamajikanna balik deui...
Teu kungsi lila datang utusan di kayangan rek nulungan si miun...

"AYA NAON DEUI ILAING BEUT SEDIH"...

"NUMAWI GAN,..."PAMAJIKAN KURING TIKOSEWAD NGAGEJEBUR ASUP KA SETU"...

"DAGOAN ATUH ILAING DIDIEU"...

Gejebur eta utusan dewa asup ka jeuro setu ari jeubul mawa awewe siga LUNA MAYA...

"IEU,LAIN PAMAJIKAN ILAING TEH"...

"MUHUN, GAN ETA PISAN"...

Ngadenge si miun teu jujur eta utusan dewa murka ambeuk ka si miun nu ngabohong tuluy si miun rek di kutuk...

"AMPUN..."AMPUN..."SANES MAKSAD ABDI KITU"..."TAPI SIMKURING NGAKU SOTEH KAPAKSA"...

"KAPAKSA KU NAON"..."DASAR JALMA SARAKAH"...

"LAMUN KURING TEU NGAKU TADI"...
"PASTI AGAN TEULEUM DEUI TULUY MAWA AWEWE NU SIGA SI JUVE"...
"KURING TEU NGAKU DEUI"...
"AGAN PASTI ASUP DEUI KA SETU" "TULUY AGAN MAWA PAMAJIKAN KURING NU ASLI"...
"KURING TULUY NGAKU"...
"KULANTARAN GEUS JUJUR"..."PASTI ETA AWEWE NU JIGA LUNA MAYA JEUNG SI JUVE DI BIKEUN KA KURING"
"HIJI WAE GE TEU BEAK KOMO DI BERE DUA DEUI SAMODEL KITU"...
"AMPUUUUUN MANA TAHAAAAAN"...

_LOTEK UBAR LIEUR_


27 Mei jam 23:36

ki Ihan hiji poe dititah meuli lotek ,ku dununganna. kaparengan ampir kabeh pagawe nu lain naritah meuli lotek.

“ki, meuli lotekna sabaraha bungkus ?” tanya tukang lotek

“Sapuluh bungkus bi, nu kahiji tandaan make karet beureum, cengekna hiji, ulah amis teuing, make sangu satengah, anu kadua tandaan make karet koneng, kade nu ieu mah resep lada cengekna sapuluh, make lontong, kurupukna pisahkeun, anu katilu tandaan make karet dua, cengekna tilu, sing medok, tong dijeruk nipisan, sanguna hiji
satengah, kurupukna dua, anu kaopat ieu mah jeung sekertaris bos, tandaan karet dua tapi meungkeutna silangkeun, tong make paria, kade da keur nyiram jeruk nipisna sing loba, ladana sedeng, rada amis amis aseum, lontongna lima siki, anu kalima,saha nya, aeh enya jang si Miun cengekna lima, sanguna galokeun……….!”

” Heup…heup….heup… ulah diteruskeun , jangar ibi karasa deui !” ceuk tukang lotek bari nyangsaya dihandapeun meja daganganana, kadua leungeunna nyekelan tarangna,bari gogodeg...

” Har ari ibi, kumaha ieu teh ?”

” Heueuh sok we ngaladangan sorangan, ibi mah teu kuat jangar !”
ki Ihan rarat reret, pamikirna sugan aya tukang lotek salian ti eta anu deukeut, kaparengan deuih suwung. Atuh kapaksa ki Ihan nyieun lotek sorangan, da lamun teu ditedunan mah pisakumahaeun ngambekna
dunungan, bisa bisa dipecat gawe na. Keur ngarendos teh tarangna kerung mikiran samara anu dipake, katambah deui nginget nginget deui naon anu dipesen tadi. Keur
anteng nyieun lotek solongkrong aya nu nyampeurkeun, pok ngomong.
” mang meser lotek tujuh bungkus,nu kahiji tandaan make karet beureum, cengekna hiji, ulah amis teuing, make sangu
satengah, anu kadua tandaan make karet koneng, kade nu ieu mah resep lada cengekna sapuluh, make lontong, kurupukna
pisahkeun, anu katilu tandaan make karet dua, cengekna tilu, sing medok, tong dijeruk nipisan, sanguna hiji satengah, kurupukna
dua…….!”

” Gustiiiiiiiiiiii……..!”
Ki Ihan aral, teu karasa belewer rerendos anu keur dicekel teh dibalangkeun, belentrang kana tarang tukang lotek nu keur nyangsaya...

Thursday, July 15, 2010

< ih mi'inyiiiiii >


DI HIJI RIUNGAN ARISAN IBU IBU... KABENERAN AYA DOKTER SPESIALIS KELAMIN ANU HADIR TEH...
NU ANTUKNA LOBA PERTANYAAN KAETA DOKTER NGENAAN MASALAH SAPUTAR PROFESI SI ETA DOKTER TEH...
IBU IBU TATANYA HAYANG NYAHO, SABALIKNA ETA DOKTER GE NGABAGI ELMUNA KA NU NANYA TEH...
MAKIN RAME TANYA JAWAB TUNGTUNGNA ETA DOKTER NERANGKEUN NGEUNAAN BOBOGAAN LALAKI JEUNG AWEWE...

"JADI KIEU IBU IBU BOBOGAAN SALAKI TEH GEDE LEUTIKNA BISA KATINGALI DINA CALAWAKNA IBU IBU"...ceuk dokter.

"AH, "MAENYAAAA"...tembal ibu ibu meuni kompak nembalan barinpagede gede calawakna bakating ku gengsi sieun di sebut bobogaan salakina leutik...

"TAH,"LAMUN BOBOGAAN IBU IBU GE BISA DI TINGALI SEMPIT HEUNTEUNA DINA CALAWAKNA OGE"...

"IH,"MI'INYIIIIIII"...ceuk ibu ibu nu didinya kabeh nembalan muni kompak bari paleutik leutik calawakna da gengsi tea kunu lain bisi pajarkeun geus "DOL / gombrang"...

Wednesday, July 14, 2010

obat penyubur bulu

Kungsi ki Ihan ngajaran make 'obat penumbuh bulu' khusus
keur nyuburkeun bulu kumis...
Ngan harita mah ki Ihan geus bosen miara kumis,manehna hayang ganti miara janggot,,da pedah janggotna mah
euweuhan..
Tungtungna eta 'obat penyubur kumis' teh di oleskeun we
ku'curuk kana gado na...

''bae ah, da sarua ieuh hasiatna mah keur nyuburkeun bulu'' kitu gerentesna...

Saenggeus sababaraha lila, ki Ihan ngeunteung... na ari gebeg
teh manehna reuwas. Dina gadona aya kumis Baplang ngajepat
siga kumis pa Raden....

Nu lewih ngagebeg deui, ki Ihan ninggali tungtung curukna milu
aya kumisan...

nu bisa di eumut

Kacaritakeun di hiji ruangan kelas 1 sd... guru keur nanyaan hiji-hiji muridna...
>Guru>'cik barudak naon wae nu tiasa di emut'
>Asep> 'PERMEN BU GURU'
>Guru>'pinteur...sok naon deui'...
>Amin>'COKLAT BU GURU'
>Guru>'leureus tah'...'sok aya deui teu'...
>Miun>'SARUNG BU GURU'...
>Guru>'ke...ke...naha maneh ngajawab sarung'...'bari
panasaran ka si Miun'...
>Miun>'margi abdi ngadangu ema nyarios ka bapa tadi
wengi'...'buka hela sarungna ema hoyong ngeumut'...
>Guru>...!!!???##*??#

-mi'un sang pembalap-

Kacaritakeun si Miun ngabonceng kabogohna peuting peuting...
Dasar si Miun pupujieun ngajalankeun motor teh siga si Rossi
pembalap urang singaparna tea ningan...
Pas dina poek dikajauhan ti arah berlawanan katingali dikenca
jeung katuhu aya lampu...
Ceuk pikirna ku aing rek digawean siah...motor di gas satarikna
nyokot jalan tengah puguh weh batur teh nyaringray
nyaruksruk kana solokan...
'Aing rek dilawan'ceuk si Miun bari ngajago hareupeun
kabogohna...
Teu kungsi lila si Miun manggih deui siga nu tadi dikajauhan
katingali aya lampu dua kenca katuhu...
'Ku aing dilayanan deui siah'bari ngagas satarikna nyokot jalan
tengah...
Na ari pas tinggal salengkah deui ari sihoreng mobil kontener
..
rek mundur teu bisa, mengkol teu bisa dasar si Miun angger
weh ngajago bari ngomong 'kontener
dilawan'...
'BRAAAAAK'...tabrakan...

operasi munggaran

di ruang operasi ki Ihan meni katempo
pias,geumpeur,ngadegdeg,,,tegang....

Ditanya ku dokter : ''kunaon ki meni siga nu
sieun...geumpeur???''

''nyeta aki teh meni geumpeur campur sieun...ma'lum kakara
atuh di operasi saumur-umur..''tembal ki Ihan ngadegdeg...

''tenang we atuh ki, da abdi ge sami nembean...nembe ayeuna
Ngoperasi teh,..da biasa na mah abdi icalan jengkol...''ceuk
dokter tenang...

Tuesday, July 13, 2010

~nenek sihir~

-kunaon ari nenek sihir, mun ngapung make sapu sok bari
cicirihilan, seuri...!!!???

-sabab GETEK'keun 'eta'na ka gesek gesek ku gagang sapu ....

Kitu weh cenah...

*naha bet getekeun nya???*

~wilujeng sumping~

kaserang pikun

poe juma'ah kamari Ki Ihan geus dangdan seungit, make
sarung, kopeah, sorban disolendangkeun. Rek indit juma'ahan...
Di jalan ditanya ku si Mi'un..........

-Mi'un: ''angkat kamana ki...??''
-ki Ihan: ''eh, jang Mi'un..apan bade juma'ahan,,hayu atuh
sareng!!!''
-mi'un: ''ke..ke..ke..ari aki teu lepat ninggal kalender kitu??''
-ki Ihan:''naha kitu jang??''
-mi'un:'' muhun, teu lepat kitu?? Apan kamari teh dinten Kemis,
tah pami enjing Saptu...teras Mangkukna pan rebo,,tah pageto
mah dinten minggon...ki..!!''
-ki Ihan:''aeh, heu'euh nya ?? Nuhun atuh jang geus ngabejaan...''

*bari ngaleos ki Ihan ngagedig balik deui ka imah*

burungku malang....

HIJI MANGSA SI 'MIUN' ULIN KA PASAR BURUNG...

NEUPI DI PASAR MANEHNA NINGALI MANUK BEO NU KACIDA PINTEURNA BISA NYANYI,BISA NGOMONG NEUPI KEUN KA SI
'MIUN' BOGOHEUN KA ETA MANUK TULUY DI BEULI...
BARANG DATANG KA IMAH ETA MANUK DI TEMPATKEUN DI
KURUNG ANU ALUS...
TAPI ANEHNA ETA MANUK SAPOE ETA TEU BISA NGOMONG
KOMO DEUI NYANYI...
ISUKNA SI 'MIUN' INDIT DEUI KA PASAR BEBEJA LAMUNNA
MANUKNA TEU BISA DI SADA SADA ACAN...

>Miun>'kang,kumaha beo nu uing di imah mah cicing wae'...
>T.manuk>'ah,piraku'...'cobaan pancing teundeunan eunteung
leutik ameh manehna bisa ngeunteung meh di sangka aya
baturna'...
>Miun>'nya atuh urang coba'...'cik meuli hiji'...

BALIK KA IMAH KURUNGNA ETA MANUK DI TEUNDEUNAN
EUNTEUNG...
TAPI ANGGEUR DINA SAPOE ETA TEU DI SADA KENEH...
INDIT DEUI KA PASAR REK PROTES KANU NGAJUALNA...

>Miun>'kang,anggeur beo teh teu di sada ningan'...
>T.manuk>'naha nya'...'cik atuh cobaan meuli sapekeur leutik
ameh ngadengekeun musik'...
>Miun>'enya atuh urang cobaan'...'cik meuli hiji'...

BALIK KA IMAH ETA SAPEKER DI PASANGKEUN DINA KURUNG
TULUY DI SETEL MUSIKNA...
ETA MAH ANGGEUR WEH SI BEO TEH HARE HARE...
ARI ISUKNA ETA BEO PAEH,PUGUH SI 'MIUN' AMBEUKEUN
PISAN REK NGONTROG KANU NGAJUALNA BARANG DATANG
KA PASAR...

>Miun>'kang,kumaha ieu teh'...'si beo tadi isuk ngadon
paeh'...'sakitu geus di modalan sagala anggeur wae teu di sada
ngadon paeh'...
>T.manuk>'nu beuner eta teh'...'sama sakali teu ngomong
nanaon'...
>Miun>'nyeta ngan bieu hungkul basa keur sakarat manehna
ngomong'..."GAN,NAHA DI PASAR TEH OWOH NU DAGANG
PARAB KITU, NAHA TI SAPRAK DI KUKUT KU AGAN UING
NGADON DI PANGMEULIKEUN ANU LAIN LAIN'' 'ceuk eta beo
tuluy weh paeh'...
>T.manuk>'..!??!&\!?

keluhan flora & fauna


Obrolan KESEMEK, JAGONG, JAMBU MONYET, KUDA JEUNG
SAPI....
KESEMEK : ''heh, JAMBU MONYET ilaing mah boga siki hiji oge
meni ditembong-tembong..''
JAMBU MONYET :''dari pada kawas JAGONG, baju we dirangkep-
rangkep. Ari bulu mah angger we katembong kaluar..''
JAGONG: ''na ari ilaing mamawa ka dewek, si KESEMEK oge
cumentil we make wedak,,angger we, kesemek ilaing mah,moal
jadi apel...''
Ngadenge kitu KUDA nu ngaliwat seuri sorangan..
KESEMEK: ''KUDA ilaing nyeungseurikeun dewek?? Naha teu
mikir ilaing oge, suku we disapatuan, gaya make kacamata,, ari
awak bubulucun euweuh ka era..!!!
KUDA: ''kabayang dulur uing si ZEBRA,,tiap lebaran ngalamun
teu kabeuli baju,,angger we piyama deui...''
SAPI :''saleuheung dibuligir ge teu dikukumaha, uing mah
unggal isuk susu di cabak kan...ari dikawin hanteu..!''

Sunday, July 11, 2010

bismillah,

kita bertanggung jawab atas kehidupan kita.
Kita tidak bisa terus menerus menyalahkan orang lain untuk kesalahan-kesalahan dalam hidup kita.
Karena Hidup ini sebenarnya adalah tentang melanjutkan kehidupan itu sendiri.