Friday, October 1, 2010

'' heureuy nu kamalinaan ''

si Saduy katelah Budak Bangor... Najan leutik keneh tapi kana Jail mah geus teu bisa kacatur... Karesepna ngaheureuyan Aki jeung Nini na. keur mah aki jeung Nini na teh geus bolor, panonna geus kabur, make kacamata na oge nu kandel siga toples, tambah deui nini si Saduy mah Jantungeun, unggal poe teu weleh direureuwas. Mun ka Aki na mah biasa na ngempesan ban motor Jadul kameumeut aki na.

Hiji waktu nu jadi ahir kaBangoran si Saduy teh basa peuting-peuting, aki jeung Nini na keur tibra sare. Si Saduy ngeteyep ka kamar, nyeta rek Jail,nukeurkeun kacamata Nini jeung Aki na nu geus nyaho beda. Nu hiji kacamata Rabun deukeut,nu hiji deui mah kacamata rabun jauh (teuing sakumaha jauhna da lamun keur mandi teh pulang anting kanu ojeg ari rek di rabun teh,,aeh...eta mah sabun nya??).

matak aki jeung Nini si Saduy mah sare ge teu leupas diKacamata. Geus beres nukeurkeun kacamata Si Saduy gancang kaluar bari ngeteyep.

Isuk isukna, aki si Saduy nu pangheulana hudang teh, saperti biasa...bari lulungu ge langsung indit ka pasar make motor Jadul kameumeutna. Di tengah jalan aki si Saduy cilaka nepi ka Maotna, kulantaran nabrak bujur Treuk nu, di sangka na Cangkang Korek.

Waktu si Saduy gogorowok ngahudangkeun nini na, Nini na reuwas,pas beunta, Ninggali hareupeun na aya Buaya Keur numpakan manehna, nini si Saduy kaserang Jantung, nya tilar dunya harita keneh.

Sihoreng dina Kacamata na naplok anak Cakcak, bari seuri anak cakcak ngaharewos..
''ah, teu rame...!!! Carita sedih kalakah dijieun bodor...dasar nu burung..!!!''

0 komentar:

Post a Comment

Note: Only a member of this blog may post a comment.