Saturday, October 2, 2010

-AKIBAT SALAH NGINUM JAMU-

-''Nini...nini...nini..lengên kadieu...!!!'' ki Ihan ngagorowok di pipir.
*''aya naon ki,,meni rareuwas...??'' têmbal nini Matnasih tuturubun di dapur.
-''ieu dêwêk jadi hêsê kiih..kieu,,padahal geus hayang sa wêr-wêr eun..!!'' ki Ihan nyengir nahan kanyeri.
*Nini Matnasih kerung,pok nanya :''sugan êta tadi nginum atawa ngadahar naon atuh ???''
-Ki Ihan :''naha da teu barang dahar nu anêh, nginum gê pira ngasaan jajamu nu di luhur mêja, da tadi têh asa nyareri awak...!!''
*Nini Matnasih:''atuh meureun da êta mah jajamu keur Nini...jamu SAR'I RAPET ...puguh wê jadi rapet teuing...!!''
-''nya nggeus, anteur dêwêk ka dokter Odoy'' ceuk ki Ihan gura-giru dicalana.

Nepi di dokter Odoy, kabeneran panggih jeung Si Saduy nu katingali panik.

-''keur naon Duy, ?? Saha nu gering??'' ki Ihan nepak Si Saduy nu keur melong kana panto pamariksaan.
+''aduh, ki...ieu nini kuring.... Loba teuing nginum jajamu siganamah...'' têmbal Saduy bari ngoprot kêsang.
*''jamu naon nu di inum,??? boa sarua teu bisa kiih, akibat loba teuing nginum jamu SAR'I RAPET..!'' nini Matnasih nanya bari ngarêrêt ka Ki Ihan.
+si Saduy ngajawab bari gogodeg:''lain,,,lain jamu SAR'I RAPET nini.... Nyêta Nini kuring têh hayang awêt ngora, nya nginum jamu AWÊT NGORA,,, kuSabab hayang gancang katingali hasilna,, nu kudu na sapoê sabungkus, nya nini kuring mah nginumna disakalikeun, saratus bungkus isuk-isuk tadi têh..''
*''trus kumaha ayeuna?? Nyeri beuteung meureun???'' nini Matnasih kerung.
+Saduy:''saleuheung ukur nyeri beuteung mah... Ieu mah parah... Nini kuring ayeuna jadi OROK deui.. Ayeuna keur di Imunisasi ku dr. Odoy..!!''

Friday, October 1, 2010

bahasa jepang

Selingan heula sakedik, urang di ajar bahasa jepang...gening ceuk ki Ihan bahasa jepang mah teu jauh babari kawas bahasa melayu... Conto na bahasa jepang na :

tukang Calo = Sayabisa Urusi

Tukang Copet = Kuraba Sakumu

lamun istilah awewe penghibur di disko = Samakami
Sampepagi

Sales atawa tukang buah = Takasi Kamucoba

Jurig kunti = Akusuka Takuti

Ibu kost = Kosewa Rumaku

Tukang obral barang = Kitakasi Murasaja

Tukang rias di salon = Mukamu Sayabedaki

Tukang cukur = Sini Takupotongi

Pamimpin upacara = Ayodiri Satusatu

Pangangguran nu sangsara = Takada Gaji.

Fotomodel = Aigaya Sanasini

Fotomodel majalah play boy = Kitabuka Kamupoto.

Tukang ngajaga panto gerbang = Akubuka Kamumasuki

Tukang sayur = Sukabawa Sayuri

Galandangan = Tyada Ruma

Tukang tarigu = Kanji Kitakasi

tukang Parfum = Maunya Chiumi

Tukang nyeuseuh = Kusabuni Itunoda

Tukang sate = Satemura Oke

Budak leutik jadi Artis = Masimuda Masutipi

Heuheuheu....